Hampura Gusti

Tampolana abdi boga pamenta

Ka gusti ngaharapkeun anu pangsaena

Abdi sok keuheul

Kusabab doa abdi teu dijawab

Pas abdi nyungkeun kembang

Ku gusti dipasihan kaktus

Pas abdi nyungkeun kukupu

Ku gusti dipasihan hileut

Tapi saatos eta

Kaktusna teh kembangan

kembangna sae pisan

Hileut na oge berubah

Jadi kukupu anu geulis

Hampura abdi sok keuheul ka gusti

Ayeuna abdi terang

Gusti pasti ngabulkeun pamenta abdi

Sabudeureun Daendels di Indonesia

daendelsMeureun di Soca seeur jalmi Gubernur jendral hindia walanda anu ka 36 nu marentah ti tahun 1808 dugi ka 1811 nu namina herman willem daendels (1762-1818) teh saurang durjana,ngan masihan kasangsaraan kanggo rahayat Indonesia.

Jalmi anu ngawangun jalan raya pos nu ayeuna macet wae,Pas mulai ngawangunna seeur ngorbankeun rahayat pribumi,dua abad saatosna mani ageung manfaatna kanggo rahayat Indonesia, teras saha oge nu nyarios ieu teh pagawean paksa Buktina anu damel na dipasihan artos 10 sen sareng jatah panggan unggal minggu

Nu ngajieun heran deui sejarawan Indonesia teu kakara nyarioskeun manfaat Jalan raya pos anu diwangun daendels padahal saatos proyek ieu rengse Hasil produk kopi ti priangan tambah seeur anu diangkut ka palabuhan Cirebon jeung indramayu padahal saacana teu kajadian teras produk na teh busuk di gudang gudang kopisumedang,limbangan,cisarua jeung sukabumi,manfaat nu sanes saatos ayana jalan ieu Perjalanan Batavia-surabaya nu sacanna lamina teh 40 hari tiasa di enggalkeun jadi 7 hari,ieu bermanfaat pisan pikeun ngirim surat nu ku daendels diurus di dinas pos.

Sajaba jalan raya pos daendels oge ngawangun pabrik sanjatadi Surabaya di semarang anjeunna ngawangun pabrik meriam,di Batavia(Jakarta)ia ngawangun sakola militer,Jadi saha deui anu rek nyarios daendels ngan masihan kasangsaraan kanggo rahayat Indonesia?.

Tito s.k 8d

Saulas ngenaan sunda ti http://su.wikipedia.org/wiki/Basa_Sunda

Basa Sunda minangka basa nu dipaké kurang leuwih ku 27,000,000 jalma di wewengkon kulon pulo Jawa, atawa 13,6% ti populasi Indonésia.

Basa Sunda kagolongkeun kana famili basa AustronésiaMalayo-PolinésiaMalayo Kulon-Polinésia – Sundik nu mibanda sababaraha dialék/logat dumasar padumukan jalmana:

Parahiangan, ngawengku sabagian badag Tatar Sunda, minangka dialék utama (basa lulugu) basa Sunda nu diajarkeun ti mimiti sakola dasar (SD) nepi ka sakola menengah pertama (SLTP), nu ayeuna diajarkeun ogé di SMA sanggeusna kaluar kaputusan ti Gubernur Jawa Barat.

Fonologi

Kiwari, sakumaha di sakabéh wewengkon Indonésia, basa Sunda ditulis dina aksara Latin. Aya tujuh sora vokal: a, e (pepet), é, i, o, u, jeung eu; tanpa diftong. Konsonan kawakilan ku aksara b, c, d, g, h, j, k, l, m, n, p, r, s, t, w, y, ny, jeung ng. Konsonan séjén nu datang ti basa deungeun, misalna basa Arab atawa basa Inggris, lolobana dialihbasakeun kana konsonan utama tadi: f -> p, v -> p, sy -> s, sh -> s, z -> j, jeung kh -> h.

Tata Basa

Artikel utama: Tata Basa Sunda

Tata basa Sunda kaasup anu basajan dibandingkeun basa-basa lainna. Aya sawatara ciri basa Sunda, nyaéta:

  • taya parubahan kecap dumasar waktu, anu dina basa Inggris disebut tenses. Pikeun nangtukeun waktu, kalimah cukup diwuwuhan ku sawatara kecap saperti kamari, ayeuna, tadi, jsb.
  • teu ngabogaan gender dina kecap-kecapna. Kukituna taya parobahan dina kecap-kecapna lantaran ditujukeun ka gender nu béda.

Sistem Tinulis

Artikel utama: Aksara Sunda

Dina sajarahna, basa Sunda kungsi ditulis ku rupa-rupa aksara, diantarana:

  • aksara Pallawa atawa aksara Pra-Nagari anu dipaké pikeun nuliskeun basa Sangsakerta, dipaké nepi ka abad ka-7,
  • aksara Sunda Kuna anu diturunkeun tina aksara Pallawa.
  • aksara Cacarakan atawa aksara Jawa, sacara umum marengan asupna Islam jeung kaadaban Jawa ka Cirebon (abad ka-16) jeung Priangan (abad ka-17),
  • aksara Pegon, utamana di lingkungan pasantrén, ku asupna ajaran Islam ti tatar Arab,
  • aksara Latin, mimiti dipaké ahir abad ka-19, diwanohkeun ku pangjajah Walanda.

Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2003 geus ngarojong aksara Sunda pikeun pakéeun sapopoé.

Tata Krama

Artikel utama: Tatakrama Basa Sunda

Tatakrama minangka hiji hal anu ogé leket dina basa Sunda, utamana dina dialék utamana (Parahiangan). Sanajan sawatara nonoman Sunda kiwari nganggap yén diajar tatakrama basa Sunda téh hésé, tatakrama tetep diajarkeun di sakola-sakola lantaran ku tatakrama ieu diharepkeun sikep silihormat jeung silihajénan.

Gaya Basa

Artikel utama: Gaya Basa (Sunda)

Kawas basa Indonésia, dina basa Sunda ogé aya sababaraha gaya basa, contona:

Sastra

Artikel utama: Sastra Sunda

Basa Sunda euyeub ku rupa-rupa karya sastra, boh anu klasik atawa anu moderen, diantarana:

http://su.wikipedia.org/wiki/Basa_Sunda

Basa Sunda Ayeuna

Gua ini cool kan” omongan siga kitu tos lumrah didangu bahasa “Gaul” nyampur jeung bahasa inggris sedihna teh malah jadi hilap kana bahasa daerah nyalira meureun mun kondisina kieu wae mah 10 taun deui tos aya museum bahasa sunda heran abdimah lamun negeri inggris nu rebuan kilo jauhna bahasana mani diomongkeun jadi bahasa sahari hari tapi sunda anu ditincak ku sorangan teh malah gengsieun jeung jijik

Kunaon nya ? teu aya orang tua anu ngajarkaeun jijik ka bahasa sunda tong dicicingkeun rebuan tahun bahasa ieu di gunakeun malah abdi maca di Koran di salah sahiji sma pelajaran Bahasa sunda diganti ku palajaran bahasa jerman bukti kirangna nu minat nuturkeun bahasa sunda,abdi ngajak sarerea hayu urang ngagunakeun bahasa sunda anu bageur,teu nyampur nyampur ambeuh bahasa sunda teu punah.

Perang Agama Di Bogor

Ieu carita teh dina taun milenium 3. Nyaeta taun 3000 M.
Caritana teh, di Bogor keur aya perang Agama. Agamana teh agama Islam anu sesat jeung agama Islam anu teu sesat..Agama Islam anu teu sesat bentengna di Istana Bogor…, Agama Islam anu sesat bentengna di Mal Botani Square nu dijadikeun benteng…..
Dina taun eta teh Bogor geus loba anu robah…anu meluk Agama Islam teu sesat teh ngan saeutik….Lamun anu meluk Agama Islam sesat mah mani loba pisan…lantaran ustad – ustad di kota Bogor anu mere pangajaran Islam nu bener teh loba dihina lantaran kaumna teh geus kapangaruh ku jelma – jelma anu teu bener….manehna nganggap pangajaran anu dibere ku ustad – ustad Bogor nu bener, teu sarua tina pangajaran Islam nu sabenerna…padahal mah ustad – ustad eta malah bener mere pangajaranna…Geus kitu mulai eta perang teh….
Islam nu teu sesat perangna mah ngan make keris jeung pedang….islam nu sesat perangna make bedil, meriam, bazzoka, granat, jeung sajabana. Geus kitu Islam nu sesat teh nyerang duluan ka Istana Bogor, lamun lantaran Islam anu teu sesat belum siap – siap, loba nu maot diserang ku Islam nu sesat…jadina weh..Islam nu sesat bisa asup ka Istana Bogor…tapi di hareup pintuna teh loba ksatria Islam nu panggagahna anu pinter ngalawan eta Islam sesat…jadina we Islam nu sesat loba anu kabunuh ku ksatria Islam…Istana Bogor teh jadi aman…
Isukna gantian Islam nu teu sesat nyerang ka Benteng Botani Square nu bangunan pang gedena di  kota Bogor…Islam nu teu sesat mah ngalawanna sok make kalimah Allahuakbar..!” supados manehna bisa menang ngalawan Islam nu sesat jeung bisa ngabalikkeun umatna deui ka jalan nu bener….Dina perang eta umat Islam nu sesat loba nu maot lantaran Islam nu teu sesat dibantuan ku Gusti Allah…Geus kitu Islam nu teu sesat balik ka Istana Bogor…dina Istana Bogor teh ku pamimpin Agama Islam diditu dijadikeun tempat sarana penyebaran agama Islam nu bener….
Isukannana perang deui. Ieu poe teh perang nu pang hebohna…dina perang ieu umat Islam anu bener teh loba kabunuh, lantaran sanjata Islam anu teu bener teh mani hebat jeung makin modern…..aya nu ka tembak, aya nu ka sabet, aya nu ka bazzoka, pokokna loba nu maot…! Tapi berkat ku Gusti Allah, Islam nu bener teh bisa menang ngalawan eta Islam nu teu bener…Jadina weh Islam di Kota Bogor teh normal jeung loba deui anu meluk agama Islam nu bener….
Ihsan Danang Rahmatullah
7 – C     no Abs : 11
SMPN 3 Bogor

istana bogor

abdi teh saurang wartawan .nama abdi ongku saripa .pagawean abdi unggal poe teh nyaeta neangan atawa ngaliput berita .abdi oge keur eta tea ngadenge cenah teh rek ngarayakeun kabangkitan 100 tahun endonesia .di rayakeun nana teh di istora senayan bung karno .jeung salain eta aya oge lamun arurang teh meunang asup ka istana presiden gratis batas na teh nepi ka poe kemis .geus kitu abdi teh keur poe kemis indit ka istana presidae nu aya di bogor sabari reuk ngaliput kumaha bangun nan nana.di ditu teh mani loba pisan barudak sakola sd,smp,sma,masyarakat jeung sajaban .bangunan di istana bogor teh mani alus gede pisan .geus kitu diditu oge aya babaraha tempat diantaranana teh nyaeta aya tempat paranti rapat tempat ieu di gunakeun paran ti pak presiden rapat jeung urang urang penting .geus kitu aya deui tempat jamuan dahar peuting ngaran na teh tempat ieu teh di gunakeun paran ti rek dahar pak presiden jeung urang urang nu penting .aya deui ngaran nana teh kaca sarebu kaca ieu teh lamun urang ngaca di kaca ieu urang na jadi loba .salain itu di istana bogor teh aya oge nungaranna ruang handap  taneuh.di istana bogor oge pernah kadatangan josh bush.josh bush ieu teh nyaeta presidaen amerika serikat maksud kadatangan presiden amerika ieu teh rek ngajakan kerja smi bareng presiden indonesia di bidang pendidikan jeung kasehatan.
NAMA  :ONGKU SARIPA HASIBUAN
KELAS :7 – B

SAJARAH ISTANA BOGOR

BAHEULA TEH ISTANA BOGOR TEH NGAHIJI JEUNG KEBON RAYA NU AYA DI BOGOR. KEBON RAYA TEH AYA TI BAHEULA KENEH NGAN BAHUELA MAH ACAN DIALUSKEUN CEUK URANG BOGOR TEH, DI KEBON RAYA TEH AYA TANAMAN- TANAMAN JEUNG SATO- SATO LANGKA NU DIPIARA TAH DIDINYA TEH AYA HIJI TANAMAN ANU DIPIKAOMONGEUN KU JALMI- JALMI DI BOGOR NYAETA KEMBANG BANGKE, SAACAN ETA HAYANG NYAHO HEUNTEU SAHA ANU NYIEUN JEUNG NEMUKEUN KEBON RAYA. NU NYIEUN KEBON RAYA TEH NYAETA JALMA INGGRIS NAMINA “THOMAS STANFORD RAFLLES” TAH MANEHNA TEH ANU NYIEUN BOGOR JADI MAKMUR SABAB MANEHNA ANU NGUSIR BANGSA BALANDA TI BOGOR SABAB BANGSA BALANDA TEH TEU BISA NGARAWAT BOGOR OKOS JANJINA KALAKAH MASYARAKAT BOGOR TEH JADI SANGSARA DI DUNYA JEUNG DI AKHERAT EH TAPI DI AKHERAT MAH HEUNTEU AH DA KU ALLAH SWT ANU PANG KUASANA DI SIKSANA HEHE, GEUS AH URANG BALIK DEUI KA  DONGENG ETA TAH GEUS KITU ISTANA BOGOR TEH DI BANGUN KU SI THOMAS TEH JANG MANEHNA ISTIRAHAT LAH POKOKNA MAH. DI DINYA TEH AYA LOBA UNCAL TI KEBON RAYA ANU ARASUP KA DINYA SI THOMAS TEH GEUS SABULAN DI DINYA TINGGAL BAE MANEHNA TEH GEUS MEREAN NAMI SI UNCAL TEH SI UNCAL TEH KABETULAN AWEWE JEUNG LALAKI NU AWEWE NGARANNA SI UNCALWATI NU LALAKI NGARANNA SI UNCALLAKI GEUS 4 SATENGAH BULAN TEH SI UNCAL WATI TEH REK NGAJURU EH PAS NGAJURU TEH SI THOMAS NEMBONG CEUK MANEHNA TEH “OH, KITUNYA ARI UNCAL TEH NGAJURUNA ” CEUK SI THOMAS. TAPI TEU MAKE BASA SUNDA ATUH MANEHNA MAH DA URANG INGGRIS. EH SI UNCALWATI TEH NGAJURUNA LANGSUNG SAPULUH ANAK BOROJOL PAHEULA- HEULA ANAKNA KALUAR HIJI KALUAR “CIHUUUUIIII…….. CEUK ANAKNA TEH KURING AKHIRNA KALUAR EUUUUUUUUYYYYYYYYYYY.” TAH SI UNCALLAKI TEH ANEHEUN NAHA ARI BOROJOL TEH KALUAR SAPULUH JEUNG PAHADEK HADEK DEUIH HADUUHH RIEUT KURING EUY. SI THOMAS GE ANEHEUN GEUS KITU MANEHNA TEH NYIEUN BATAS ANTARA ISTANA BOGOR JEUNG KEBON RAYA DA BISI AYA SATO ANU LAEN NU ASUP SI THOMAS TEH NGOMONG ” UNCAL GE SAKALI BOROJOL SAPULUH .. NAON DEUIH MAUNG BOROJOL SAPULUH BISA DIHAKAN KURING ADUUUHH ” TAH KITU SAJARAHNA ISTANA BOGOR TEH..
SEKIAN DONGENG DARI SAIA PAK MOHON DITERIMA DENGAN BAIK WALAUPUN MUNGKIN SAIA TERLAMBAT MEMBERINYA DAN ADA KATA – KATA YANG TIDAK SOPAN MENURUT BAPAK..

SALAM HORMAT

FAKIH

Ka Istana Bogor

Dina poe kamis tanggal 29 mei 2008 abdi jeung babaturan indit ka istana Bogor, sabab keur aya istana bogor open 2008.

Waktos abdi jeung babaturan ka jero istana eusina rohangan-rohangan titinggal presidan RI. Di jero istana the kuring sarerea nempo rohang tamu presiden,rohang gawe presiden,rohangngan titinggal ibu fatmawati,rohangan rapat,foto-foto presiden RI,jeung sarebu cermin sabab lamun kuring sarerea nempo eta cermin eusina aya sarebu. Rohang rapat tadi teh tempat presiden rapat jeung Josh George Bush tahun 2007 kamari. Di rohangan ititnggal ibu Fatmawati teh loba koleksi prabotan imah tangga.

Tapi di istana Bogor the loba patung anu jorok pisan,eta patung teh teu make baju atawa talanjang,abdi oge geuleuh nempona iih !.Terus aya kolam ikan,nempo loba uncal nu aya di halaman istana. Anggeus muter-muter di istana kuring sarerea kaluar terus ngambil tas kuring di penitipan tas.Terus abdi jeung babaturan arek bali ka imah sabab eta istana trek tutup,tapi kuring sarerea balik na liwat kebon raya uuh jadi ngajauhan dei jalan na,cape da abdi mah jalan kaki ti balik sakola.

Nggeus sampe dina pintu gerbang kebon raya pasar bogor abdi jeung batur jalan kaki dei ka BTM sabab abdi jeung batur arek naek angkot 02 anu ka gunung batu , geus sampe gunung batu abdi jeung batur naek angkot 05 pagelaran ciomas.terus abdi sampe deh ka imah. Ieu parjalanan the mani cape da jalan kaki wae.

TSUMPAH

Nama : Muhamad Zehan Faturrahman
Kelas : 7~C

Teu aya angin teu aya naon ,poe oge isuk keneh , ngadadak aya bapa –bapa ngumumkeun berita tina radio, bawasana aya hiji patung di Istana Bogor anu leungit . Beritana teh kos kieu “Telah hilang patung bersejarah yang disimpan di Isatana Bogor , barang siapa yang berhasil menemukan, akan diberi penghargaan oleh Presiden kita ,yaitu Bapak Susilo Bambang Yudhoyono “ , ngadenge berita kitu , saisi kota rame, saisi kota neangan eta hiji patung anu leungit .Nenjo saisi kota rame kos kitu , kuring boga pikiran . Kuring rek neangan eta patung . kuring ngumpulkeun babaturan jeung ngajieun tim pencarian patung , tim kuring dibere ngaran TSUMPAH(Tim sukarela untuk mencari patung antik yang hilang).Anggota na nyaeta kuring, zuhair, ihsan, jeung iqbal .
Mula-mula kuring jeung tim mangkat ka Istana Bogor. Tah, rintangan kahiji nyaeta menta izin ka penjaga istana , abeh diizinkeun neangan eta patung di Istana Bogor , alhamdullilah kuring jeung tim berhasil menta izin ka penjaga Istana , saeunggeus kuring ngalewatan gerbang istana , kuring jeung tim the mencar , kuring neangan ka kandang uncal , zuhair neangan ka tempat barang antik di jero istana , sedengkeun anu sajabana ngabantuan make doa di imahna masing-masing.
Keur kuring mariksa di kandang uncal ,kuring kudu ngalewatan heula sakelompok uncal anu keur ngarumpul , eta teh rintangan anu pang beratna , soalna kuring kudu ngomong “Punten” heula ka sakabeh uncal anu aya didinya teh, abeh kuring heunteu disuruduk ku eta uncal .
Eujeung karinget di tarang , kuring berhasil ngalewatan sakelompok uncal. Saeunggeus ngalewatan sakelompok uncal , kuring asup ka kandang uncal, ari di kandangna mah euweuh uncal hiji-hiji acan ,soalna eta uncal teh di liarkeun di taman .Di jero kandang uncal teh, aya gundukan jerami, okos na amah eta teh paranti sare uncal, tapi aya anu aneh di gundukan eta teh, anehna teh eta gundukan meuni kandel , heunteu okos biasana . Keur dibongkar gundukan eta teh ku kuring , kuring manggihan patung anu leungit , terus eta patung dikembalikeun ka tempat asal na di jero istana ku kuring . Saenuggeus manggihan eta patung , kuring dibere penghargaan ku penjaga Istana Bogor ,” lain! , lain ku Presiden SBY! , cenah mah SBY keur lieur mikirkeun harga BBM , jadina teu bisa datang , nepi ayeuna can kanyahoan saha anu nyumputkeun eta patung ka kandang uncal . Bisa wae eta uncal anu sabenerna nyumputkeun eta patung, bias wae!.

Istana Bogor

Istana Bogor nyaeta istana paninggalan bangsa Belanda nu aya di Bogor. Di Istana Bogor aya rohangan- rohangan paninggalan Belanda nu terpenting jeung macem- macem banda- banda paninggalan Belanda. Diantarana, rohangan tempat santai para tamu nagara Indonesia, rohangan makan para tamu nagara Indonesia, rohangan tempat gawe Ir.Soekarno, rohangan kamar kulem nu dipake jang ngajamu para tamu nagara,rohangan kamar kulem nu dikhususkeun jang kapala nagara nu datang ngunjungan Indonesia, rohangan kantor pribadi kapala nagara, rohangan perpustakaan, rohangan sidang menteri- menteri, rohangan taratai jang tempat ngajamu para tamu nagara, jeung nu terpenting rohangan induk istana nu dipake jang acara kanagaraan resmi, papanggihan, sarta upacara- upacara kanagaraan. Di Istana Bogor oge aya foto- foto Istana Bogor jeung para Gubernur Jenderal Belanda nu jumlahna 38 Gubernur. Di istana Bogor oge aya patung- patung buatan Belanda. Panto tembusan Istana Bogor nyaeta ka Kebon Raya. Di Kebon Raya oge aya makam- makam Belanda, Kembang Bangke, tangkal- tangkal nu umurna geus ratusan taun. Tapi sayang, makam- makam Belandana teu kaurus mani ngabala ku dangdaunan nu gararing jeung deui kembang bangkena tacan mekar ceunah mah mekarna taun isukan nyaeta taun 2009. Di Kebon Raya oge urang bisa foto- foto, lamun uarang teu bawa kamera oge diditu aya tukang jasa foto keliling nu harga sakali fotona ngan Ro.20.000, 00.Urang bisa foto- foto di deukeut kolam pancuranna, di deukeut kembang bangke, jeung sajabana. Diditi oge aya kandaraan nu dikhususkeun jang mandu para wisatawan mancanagara. Diditu oge aya prta lokasi lamun urang rek kamana- mana. Eta pentingna urang lamun wisata kamana- mana urang teh bisa nambah ilmu pengtahuan urang.