Posted on March 31, 2008 by sundasmp3bogor
Duh ema abdi hampura
Kaduhung sage de gunung
Sakola teu tepi
Ngadon ulin nyanyabaan
Oge wani – wani udud
Hanjeulu,hanjeulu pisan
Osok gaul teu paruguh
Babari kataji
Ceuk batur mah cenah ngeunah
Jadina yeuh abdi nyandu
Hanjeulu salega dunya
Ayeuna abdi ngaringkuk
Di kantor pulisi
Alatan beunang rajia
Kaduhung ngalajur napsu
Dear
Siti Rahma yanti
Kelas : 7 B
Filed under: sajak | Leave a Comment »
Posted on March 31, 2008 by sundasmp3bogor
peuting tadi
peuting anu keaur jempling
kawas jempling ne hate kuring
waas anu ka bina bina
hate kuring nalangsa
karasa katalangsara
abdi emut ka anjeun
anu indit ka bebeja
Nama utra Kurniaman.b
kelas [...]
Filed under: sajak | Leave a Comment »
Posted on March 30, 2008 by sundasmp3bogor
Pahlawan
oh..pahlawan
anjeun ngabela nagara ieu
anjeun narohkeun jiwa jeung raga
ngan saukur ngarebut kamerdekaan
oh..pahlawan
abdi bangga ka anjeun
lantaran kagigihan anjeun ngakuangkeun nagara
keur waktu ngalawan panjajah
oh..pahlawan
kunaon anjeun ngbela nagara ieu
abdi bangga ku anjeun
sabab anjeun geus ngabela negara ieu
oh..pahlawan
jasa anjeun mani berharga, keur nyalametkeun nagara
anjeun ngorbankeun nyawa
demi merdekakeun nagara Indonesia
HATUR NUHUN PAHLAWAN…
Filed under: sajak | Leave a Comment »
Posted on March 30, 2008 by sundasmp3bogor
Buhaya Nu Malang
Dina hiji poe, aya sakadang monyet nu nyicingan leuweung. Jeung oge musim na keur halodo. Jadi, si Monyet teu bisa manggih daharan nanaon. Si Monyet leumpang ngarulingan leuweung keur neangan dadaharan, tapi euweuh nanaon.
Pas si Monyet keur istirahat, si Monyet nempo aya tangkal buah di seberang walungan. [...]
Filed under: dongeng | Leave a Comment »
Posted on March 29, 2008 by sundasmp3bogor
LEMAH CAI
Upama sakali mangsa kuring mulang
taya katengtreman anu mapag ngagalentor
tapi karisi-kagimir tumuwuh na unggal dada
ti barang gubrag kadunya
Upama sakali mangsa kuring leumpang
lain cipanon anu nganteur paturai -tineung
tapi kagumbiraan na dada leungit musnah
ti barang gubrag ka dunya
upama sakali mangsa kuring mulang
taya kagandrungan anu mapag ngagupayan
tapi curiga na diri nuhilang kepercayaan
ti barang gubrag ka dunya
Ti barang gubrag [...]
Filed under: sajak | Leave a Comment »
Posted on March 29, 2008 by sundasmp3bogor
Pentingna ngajaga kasehatan
Kasehatan teh penting pisan .sabab lamun badan urang sehat ,tinangtu
naon bae anu dipikahayang ,atawa dicita -citakeun baris kahontal
tapi sabalikna lamun badan urang gering salian ti moal bisa ngahontal pamaksud
teh malah harta banda anu aya oge bakal beak dijualan sabab teu bisa usaha .
Cara hidup sehat kudu nalingakeun opat hal nyaeta kadaharan tempat [...]
Filed under: informasi | Leave a Comment »
Posted on March 29, 2008 by sundasmp3bogor
Sajak Lawang Peuting
Trijata , cuang lawungkeun paneuteupKa lawangsaketeng peuting nu katembong nyangkeredong
Sanggues mipit gurat-gurit lambaran layung panungtung
Rek labas maratkeun ketak , tuluy nyusud kingkilaban
Nu kawasang tingbarasat lir suar panuduh lampah Trijata , cuang miang ngitung gunung
Da geuning lempagan waktu terus ngabeledig ringkang
Ti dayeuh nyedek ka kampung , [...]
Filed under: Uncategorized | 5 Comments »
Posted on March 29, 2008 by sundasmp3bogor
Rosmena Nurbanati VII B
Liburan Sakola
keur poe Rebo, tepatna keur samester hiji abdi sareng sakulawarga angkat liburan silahturahmi ka bumi nini nu aya di Brebes Jawa Tengah. Diditu Abdi kapanggih nini jeung dulur-dulur nu geus lila tara kapanggihan deui. Diditu sareng rerencangan ulin ka sawah Aki, jeung ka bukit nu aya di deket rorompokna.
Sanggeus abdi silaturahmi [...]
Filed under: dongeng | Leave a Comment »
Posted on March 29, 2008 by sundasmp3bogor
LALAMPAHAN HIRUP
Eling barudak masing eling
Hirup rumingkang di alam dunya
Lain ngan ukur moro kanikmatan dunya
Lain ngan ukur nganteur kahayang
Eling barudak masing eling
Jauh keneh lalampahan urang
ngojayan kabagjaan urang
Ketrukeun tarekah keur maluruh pangaweruh
Eling barudak masing eling
Rusiah dunya kudu kaguar
Gunakeun samestina
Tanda sukur ka Nu Kawasa
Widhi
7B
Filed under: sajak | Leave a Comment »
Posted on March 29, 2008 by sundasmp3bogor
HUJAN
Nalika awan ngadadak mendung
Nalika cai mimiti turun
Harita hujan
Mimiti turun
Nalika hujan ngamimitian turun
Teu aya saorang oge
Nu bisa ngeureun keun nana
Sarerea nungguan hujan teh eureun
Nalika waktu hujan
Hujan bari di bareungan
Ku kilat
Kilat nambahan ka keueungan
Hujan……
Anu pasti nyieun jalema ngarasula
Aya oge ngajadikeun sabagian
Jalema gembira
Kuayana turunna eta hujan
Karya : [...]
Filed under: Uncategorized | Leave a Comment »