Sajak Lawang Peuting

Sajak Lawang Peuting

Trijata , cuang lawungkeun paneuteupKa lawangsaketeng peuting nu katembong nyangkeredong

Sanggues mipit gurat-gurit lambaran layung panungtung

Rek labas maratkeun ketak , tuluy nyusud kingkilaban

Nu kawasang tingbarasat lir suar panuduh lampah Trijata , cuang miang ngitung gunung

Da geuning lempagan waktu terus ngabeledig ringkang

Ti dayeuh nyedek ka kampung , milang reuma meunang lewang

Kari meretkeun geugeut, nyingraykeun sewu rurungsing

Humariring mapag peteng sapanjang liliwung peuting Trijata , cuang narabas halimun

Nu ngadingding mindingan lungkawing jungkrang

Metik genslang cika-cika satengahing hiuk wanci niruk mongkleng

Sugan bulan rek kasampeur ngempur di mumunggang jempling

Ngagulubur ngahibaran jalan panjang ka sagara

Dini

7B

5 Responses

  1. Hatur nuhun..
    Sajakna sae…

  2. Hatur Nuhun Arin parantos ngaluuhan blog bahasa sunda…

  3. ngiring ngalangkung ah

  4. SaeE,, pi5an ! HaTuR nUHün kang9o tUga5 !

  5. kang ngadameldeui atuh……………..

Leave a Reply