Ieu kajadian kaalaman ku Sinta jeung Lina babaturan kuring mangsa gawe di Malaysia
taun ’96.
Balarea ge pada apal ari di Malaysia mah ejahan abce teh make ejahan basa Inggris, jadi abc teh ngejahna e bi si. Tah mangsa anyaran datang babaturan kuring kabagean kamar blok A no.45.
Sinta jeung Lina harita ku urang Malaysiana diomongan.
“Kamu, nanti kalau ada yang tanya dimana bilik kamu, kamu jawab blok E no 45, ya!”
“Ya!” ceuk Sinta jeung Lina ngaheueuhkeun.
Poe isukna rombongan urang Indonesia teh dititah ngumpul.Waktu keur kumpul si Lina rek ka kamar da aya nu pohoeun, nya nanya ka si Sinta.
“Sin, ari kamar urang teh dimana?”
“Blok E no. 45!” ceuk Sinta sakumaha anu dibejakeun ku urang Malaysia tea.
Koloyong we si Lina rek ka kamarna. Teu kungsi lila si Lina datang bari pokna teh.
“Sia, mana aya blok E, euweuh ge siah urang geus mapay ka tukang geuning geus blok D teh kalahka kamar MCK.”
“Nyao teuing atuh ah …!”
Sinta jeung Lina ngaharuleng mikiran na dimana atuh kamar teh. Mikir teu sirikna mani uleng, geus lila kakara sadar.
“Nya heueuh atuh, urang anu belegug,” ceuk Sinta.
“Na naon atuh make jeung urang anu belegug?” ceuk si Lina.
“Nya heueuh atuh memang urang anu belegug, apan E di Malaysia mah A di Indonesia, jadi E teh nya A tea.”
“Oh, jadi ari kitu mah kamar urang teh di blok A no. 45.”
TI :Nova Anwar
KELAS:VII A
Filed under: informasi