Di Bumi Aki

Liburan di Bumi Aki

Dina dinten rebo kaping 19 Maret 2008. Kuring ti balik sakola keneh geus siap-siap ngumpulkeun baju anu rek dibawa ku kuring ka lembur. Da kuring teh geus janji sakulawarga bakal indit ka lembur aki di Garut ari rancana berangkatna mah engke peuting. Bari ngadagoan kolot kuring balik digarawe, ngahaja barangkatna peuting ngarah nepina isuk. Jam sabelas peuting kuring barangkat jeung kaluarga.Sajajalan kuring mah peureum wae ari bapak kuring mah mawa mobil bari jeung sajajalan teh macet. Tina bedug subuh kuring karak nepi di Garut . aki kuring mah karak hararudang bari rek sarolat subuh. Aki kuring mah kagetteun da kalemburna teu bebeja heula didinya trus weh kuring mah ngala wudhu bari jeung arek sholat subuh bareng. Saberesna shalat subuh ari aki kuring mah kasawah ari kuring mah peureum deui. Pas jam sambilanan kuring the hudang da lapar ari nini mah geus nyiapkeun sarapan kuring jeung nini mah nyaho karesep kuring pais emas jeung tahu, trus kuring teh sarapan. Saberesna sarapan kuring inget ka aki anu can balik ti sawah. Kuring teh nyusul kasawah bari mawa alat pancing da nyaho aya kulah di sawah. Pamikir kuring mah arek mincing weh di kulah. Sadatang na di kulah kuring mah mancing weh,siaki mah ngagedug di sawah ,bari mancing kuring teh ngarasa bungah bi liburan di bumi aki.

 

Fajri

Leave a Reply