Basa Sunda

Assalaamualaikum, wr wb.

Sampurasun, alhamdulillah abdi tiasa ngadamel situs hasil karya barudak waktu diajar Bahasa Sunda. Hasilna pasti moal puas, kumargi jaman ayeunamah barudak kacida hesena praktek nulis carita, nulis sajak, paguneman, sarta nu lianna kusabab lingkungan jeung kabiasaan.

Dina situs ieu ukur sabagian leutik kamotekaran barudak anu kudu di hargaan jeung didukung supaya kacintaan kana kabudayaan jeung kasang tukang salaku urang sunda bisa jadi kabanggaan dina laku hirup di jaman anu cenah geus moderen.

Saran, atanapi ide-ide anu pinunjul diantos pisan. Hayu urang nyien ciciren dina pangajaran yen urang sajajar jeung bangsa deungeun.

Salam,

Sopyan M

3 Responses

  1. Assalamu’alaikum Wr.Wb.
    Rerencangan sadayana, sim kuring kawakilan ti kelompok Da’I, bade ngadugikeun perkawis visi sareng misi ti calon Gubernur sareng Wakil Gubernur, nyaeta :

    Visi
    - Ngajantenkeun rakyat anu ngautamakeun Katuhanan nu Maha Esa
    - Ngama’murkeun sareng ngamajengkeun daerah provinsi Jawa Barat
    - Ngajantenkeun provinsi Jawa Barat provinsi anu aman sareng tentrem
    - Ngajantenkeun provinsi anu sehat jasmani sareng rohani

    Misi
    - Ngabarantas anu ngajak kana aliran sesat
    - Ngayakeun lapangan pagawean
    - Ngabarantas kamiskinan, pangangguran, sareng kabodohan
    - Sakola gratis
    - Nurunkeun harga BBM sareng harga-harga sembako
    - Ngayakeun pos kamling di tiap daerah
    - Pangibatan gratis

    Urang anu janten rakyat Jawa Barat sing silih asah , silih asih, sareng silih asuh
    Mung sakitu sim kuring ti kelompok Da’I. Hapunten bilih aya cariosan anu teu merenah kana manah rerencangan sadayana.
    Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

    E BI SI

    Ieu kajadian kaalaman ku Sinta jeung Lina babaturan kuring mangsa gawe di Malaysia
    taun ’96.
    Balarea ge pada apal ari di Malaysia mah ejahan abce teh make ejahan basa Inggris, jadi abc teh ngejahna e bi si. Tah mangsa anyaran datang babaturan kuring kabagean kamar blok A no.45.
    Sinta jeung Lina harita ku urang Malaysiana diomongan.
    “Kamu, nanti kalau ada yang tanya dimana bilik kamu, kamu jawab blok E no 45, ya!”
    “Ya!” ceuk Sinta jeung Lina ngaheueuhkeun.
    Poe isukna rombongan urang Indonesia teh dititah ngumpul.Waktu keur kumpul si Lina rek ka kamar da aya nu pohoeun, nya nanya ka si Sinta.
    “Sin, ari kamar urang teh dimana?”
    “Blok E no. 45!” ceuk Sinta sakumaha anu dibejakeun ku urang Malaysia tea.
    Koloyong we si Lina rek ka kamarna. Teu kungsi lila si Lina datang bari pokna teh.
    “Sia, mana aya blok E, euweuh ge siah urang geus mapay ka tukang geuning geus blok D teh kalahka kamar MCK.”
    “Nyao teuing atuh ah …!”
    Sinta jeung Lina ngaharuleng mikiran na dimana atuh kamar teh. Mikir teu sirikna mani uleng, geus lila kakara sadar.
    “Nya heueuh atuh, urang anu belegug,” ceuk Sinta.
    “Na naon atuh make jeung urang anu belegug?” ceuk si Lina.
    “Nya heueuh atuh memang urang anu belegug, apan E di Malaysia mah A di Indonesia, jadi E teh nya A tea.”
    “Oh, jadi ari kitu mah kamar urang teh di blok A no. 45.”

    TI :Nova Anwar
    KELAS:VII A

  2. Punten,
    Assalamualaikum wr.wb

    Upami maos ieu blog (bahasa sunda). abdi jadi emut deui ka cita-cita ngadamel silaturahmi atawa networking antar sakola SMP atanapi MTS dina pengembangan basa sunda.

    Insya Allah dina hiji waktos upami aya izin ti Allah murid SMP negeri 3 tiasa kerjasama sareng murid MTS negeri bogor ngembangkeun basa sunda.
    Abdi salaku orang sunda sareng oge urang bogor hoyong ngabantu.

    Perhatosan sareng jawabanna diantos enggalna

    wassalam

    HD Jamaludin

  3. Abdi gaduh program kaleresan nembe ti Amerika, abdi hoyong pisan bahasa Sunda teh mendunia. Malih waktos di Amerika pendak sareng urang afrika anu kenging beasiswa kango ngajar bahasa swahili di Amerika; Tah urang ge tiasa ngajarkeun bahasa sunda di Amerika…. pami teu kaabotan no telpon Bapa sabaraha… mangga emailkeun ka email abdi:
    sopyanmk@ymail.com supados abdi tiasa kontak ka bapa.

    Salam,

Leave a Reply