SMPN 3 Bogor

Salah sahiji SMP Negeri nu kakoncara di Bogor, kaleresan abdi ngawulang Bahasa Sunda tos dua sasih. Kahoyongmah Basa Sunda teh lain ngan ukur formalitas, kahoyongmah bisa jadi ciciren jeun prasasti diri dina karakter jeung budi bangsa Sunda. Tong heran upami niggali tulisan barudak anu teu sapagodos, inti tina pangajaran basa mah kumaha carana supaya barudak motekar jeung percaya diri ngaekspresikeun kamampuan nulis bari ngagunakeun basa sunda,

Amin

37 Responses

  1. punten kangguru eh pa guru pami tiasa kintunkeun ka abdi materi-materi nu diajarkeun nu aya patalina sareng palajaran basa Sunda (kurikulum basa sunda). hatur nuhun sateuacana pami tiasa amengan ka SUnda Urang radar Bogor

  2. dihapunten pisan Kang Asep, bingah kacida nembe launching sadinten tos kenging kahormatan ku Radar Bogor. Insya Alloh, abdi nepangan ka Radar saenggalna.

    Hatur nuhun

  3. aBDI TEH ALUMNI TAHUN 1994.

  4. Halo Uli, kumaha damang? Ayeuna nuju dimana? Amengan atuh ka sakola ngarah pendak sareng Bapa.

    Damel dimana?

  5. ngiring bingah aya blog basa sunda smp3 bogor, abdi lulusan 89 (jaman guru na pak ateng, bu adi, bu kokom, bu lina jst )

  6. Hatur nuhun Kang Deni, diantos atuh di SMP3, urang dukung sareng majengkeun almamaterteh. Kang Deni damel dimana?

  7. salaku urang sunda, sareng wargi kota bogor, sim kuring ngadukung pisan kana ide ngadamel situs basa sunda ieu.

    wassalam
    HD. JAMALUDIN

  8. kitu oge saena mah ide ieu dirojong sareng guru basa sunda sanesna di tingkat SLTP sa kota Bogor, supados engkena ngabentuk komunitas urang sunda berbahasa sunda di kota Bogor, sakaligus ngalestarikan basa sunda pikeun barudak ngora Bogor. Insya Allah abdi ge hoyong ngabantu .

    Wassalam
    HD. JAMALUDIN

    • satuju pisan, leures kedah di jaga bahasa sunda teh, abdi ngadukung sanaos teu linggih di Bogor. kaleureusan sami-sami alumni smpn 3 Bogor.

  9. Alhamdulilah, hatur nuhun kana dukunganna. Upami tiasa mah abdi hoyong ngayakeun workshop ngadamel blog kanggo guru-guru bahasa Sunda sa Kota Bogor.

  10. punten lamun bade milarian kurikulum bahasa sunda SD dimananya.. sugan aya nu gaduh

  11. Assalamu’alaikum Kang Guru..
    Upami ningal perkembangan basa sunda, sok hawatos (punten saleresna abdi ge isin nyerat didieu ngangge basa nu ngacapruk..), putra abdi neumbe nincak ka kelas 8C (abdi ge alumni SMPN 3, pami teu lepat tahun 84.. bangkotan nya kang..) teu tiasa pisan ngangge basa sunda nu sae, katambih di bumi sareng pergaulan di lingkungan sekitar bumi nganggo basa Indonesia.. kumaha pami di SMPN 3 aya Hari Bahasa Sunda (tong eleh ku English Day atuh Kang..)
    Hatur nuhun Kang..
    Wassalam

  12. Hatur nuhun Pak Abdullah, diantos atuh di SMP 3 Bogor. Kumargi dukungan ti sadayana pihak diperyogikeun pisan. Dupi Bapa Damel sareng linggih dimana?

  13. pak sopyan di ceremai terus sanes ayeuna teu ningali bapak di malabar

  14. Ya begitulah, paling hari Rabu ngajar PKn kelas bilingual…

  15. Pak tito menta tips ngawangun blog atuh blog abdi acak acakan

  16. Cara nu panggampangna nyaeta kedah meser buku blog, paling pangaosna mung 15.000 atanapi 25.000. Tah praktikeun sing taliti. Engke ku Bapa di tingali bari di komentaran. Naon atuh blog Tito teh, engke ku Bapa di analisis hehehe

  17. blog tito= titotea.blogspot.com

  18. Wah blogna sae pisan, paling supados photo tito teu ageung teuing photona dialitan resolusina…. cobian we heula…

  19. .Uluh meni kaleresan…
    .nuju ngaler ngidul di dunia maya..
    .sok ah urang ngayakeun komunitas yg berbasis bahasa sareng budaya sunda
    .teu poho abdi ngarojong pisan kana poe bahasa sundana,bener tah,ulah ngan english wungkul ah..
    .mangga buktoskeun yen urang sunda teh aya

    .NB: upami nyondong nu bade chat sareng komunitas sunda,mangga diantos di rum URANG SUNDA di http://www.mig33.com
    .tiasa oge via hp,kari ngadownload we aplikasi mig33 na di http://www.getjar.com dll.
    .tos ah cape ngetikna
    .hatur nuhun kanu ngadamel ieu blogs mugia mangfaat kanggo mekarna budaya sunda.

  20. assalamu’alaykum…

    sateuacanna hapunten bilih basa sunda abdi kirang sae. numawi teu biasa nganggo basa sunda. kaleresan abdi almamater lulusan tahun 92-95. jeung kakak abdi SYAMSUL HIDAYAT tahun 91-94. titip salam kanggo guru-guru nu sanes.

    upami aya nu bade konsultasi soal ngadamel blog atanapi web, mangga kontak abdi. sanes ahli, mung aktif we ngulik blog jeung web.

    email: hafidz341@gmai.com
    web: http://www.hafidz341.co.cc
    blog: bukamata1107.wordpress.com

  21. hatur nuhun pisan Hafidz. Bapak mah guru engal di SMP 3 teh… kaleresan ari ngawulangmah PKn sareng Bahasa Inggris. Tah sok atuh pangdamelkeun blok anu keren…

  22. Sampurasun Dawenk…. hatur nuhun pisan informasina atuh…

  23. Kreativitas blog ieu teh kudu di wangun antara kerjasama murid jeung guruna ambeh tiasa terus aya postingan baru

  24. TEKS BIANTARA NGENAAN PAHLAWAN AYA TEU???

  25. NO COMMENT!!!! POKOKNA ALUS PISAN!!!!!!!!!!!!!!!!!!

  26. Assalamualaikum wr.wb

    Pak, abdu nepangan deui. Hoyong ngauningakeun yen Abdi ayeuna tos ngadamel blogs namina “urangkampung” . Eusina seur, aya Psikologi, Sastra, Jurnalistik, Kemanusiaan, jeng teu tinggal Basa Sunda. Mung nu hiji ieu , basa Sunda, abdi hoyong seueuer didukung atawa dikiriman ku bapa, supados ngagairahkeun basa Sunda lewat internet (blogs).

    Nuhun, mung sakitu. Silih pidu’ana bae salajengna.

    Wassalam,

    HD Jamaludin

  27. pak kok mosting tulisanna jarang pisan pak ? teu aya waktos sanes?

  28. icca kangen kalian semua termasuk DIZZONG ….
    hahaha đŸ™‚ muamuahhh daa ~ pd mcup mn nii anakanak 9 – che hub gu atuh kita reunian . awkays .

  29. Tito… ayeuna Bapak tos teu ngajar Bahasa Sunda hehehe.. jadi nya jarang posting… sok atuh dikirim ku Tito..

  30. Icca,
    wah udah betah ya di SMA…
    kalau reunian ajak-ajak dong…

  31. insya alloh pak

  32. ini blog di wordpress tito pak http://titotea2.wordpress.com/ blog utama tetep di blogspot pak

  33. Sampurasun .. ! sim abdi teh alumni esempetilu heubeul pisan taun salapanwelastujuhpuluhtujuh,. Manawi bade tumaros ka pangurus ieu situs. Dimana tiasa ngageman buku-buku palajaran basa sunda kanggo sakola sd,smp, nya ? Kumargi murangkalih teh, nembe pisan pindah sakola ti ntb. Hatur nuhun kasuhun
    !

  34. haturnuhun

Leave a reply to sundasmp3bogor Cancel reply