TSUMPAH

Nama : Muhamad Zehan Faturrahman
Kelas : 7~C

Teu aya angin teu aya naon ,poe oge isuk keneh , ngadadak aya bapa –bapa ngumumkeun berita tina radio, bawasana aya hiji patung di Istana Bogor anu leungit . Beritana teh kos kieu “Telah hilang patung bersejarah yang disimpan di Isatana Bogor , barang siapa yang berhasil menemukan, akan diberi penghargaan oleh Presiden kita ,yaitu Bapak Susilo Bambang Yudhoyono “ , ngadenge berita kitu , saisi kota rame, saisi kota neangan eta hiji patung anu leungit .Nenjo saisi kota rame kos kitu , kuring boga pikiran . Kuring rek neangan eta patung . kuring ngumpulkeun babaturan jeung ngajieun tim pencarian patung , tim kuring dibere ngaran TSUMPAH(Tim sukarela untuk mencari patung antik yang hilang).Anggota na nyaeta kuring, zuhair, ihsan, jeung iqbal .
Mula-mula kuring jeung tim mangkat ka Istana Bogor. Tah, rintangan kahiji nyaeta menta izin ka penjaga istana , abeh diizinkeun neangan eta patung di Istana Bogor , alhamdullilah kuring jeung tim berhasil menta izin ka penjaga Istana , saeunggeus kuring ngalewatan gerbang istana , kuring jeung tim the mencar , kuring neangan ka kandang uncal , zuhair neangan ka tempat barang antik di jero istana , sedengkeun anu sajabana ngabantuan make doa di imahna masing-masing.
Keur kuring mariksa di kandang uncal ,kuring kudu ngalewatan heula sakelompok uncal anu keur ngarumpul , eta teh rintangan anu pang beratna , soalna kuring kudu ngomong “Punten” heula ka sakabeh uncal anu aya didinya teh, abeh kuring heunteu disuruduk ku eta uncal .
Eujeung karinget di tarang , kuring berhasil ngalewatan sakelompok uncal. Saeunggeus ngalewatan sakelompok uncal , kuring asup ka kandang uncal, ari di kandangna mah euweuh uncal hiji-hiji acan ,soalna eta uncal teh di liarkeun di taman .Di jero kandang uncal teh, aya gundukan jerami, okos na amah eta teh paranti sare uncal, tapi aya anu aneh di gundukan eta teh, anehna teh eta gundukan meuni kandel , heunteu okos biasana . Keur dibongkar gundukan eta teh ku kuring , kuring manggihan patung anu leungit , terus eta patung dikembalikeun ka tempat asal na di jero istana ku kuring . Saenuggeus manggihan eta patung , kuring dibere penghargaan ku penjaga Istana Bogor ,” lain! , lain ku Presiden SBY! , cenah mah SBY keur lieur mikirkeun harga BBM , jadina teu bisa datang , nepi ayeuna can kanyahoan saha anu nyumputkeun eta patung ka kandang uncal . Bisa wae eta uncal anu sabenerna nyumputkeun eta patung, bias wae!.

Leave a comment